wanapasa

wanapasa
wanapasa

Minggu, 25 Juli 2010

kekhawatiran kita terhadap Budaya yang sudah terkikis bahkan hampir punah

Sampurasun Insu-insun sadaya….
Ku reueus pisan manah ieu nu mana Zaman tos tiasa ngabunuh kana Budaya seni atanapi kaulinan nu aya di Urang sadaya, prihatin saupami Budaya urang ka kikis ku jalaran na zaman anu kieu, bade ku saha upami sanes urang sadaya anu nyalametken na, kamana Jaipong.Silat,Reog,Kacapi Suling,Calung jeung nu sejenna,kamana Barudak Nu ngadu gambar, ngadu kaleci, Solnah, Ucing sumput, Gatrik jeung Nu sejenna?malah milih kaulinan nu Moderen,majarkeun teh ges teu gaul jeng Era ngaulinken na...cing saupami di telaah warisan teh ges bener-bener khawatos ku jalaran zaman jeng kabisaan luar nu sakitu tarik ker ngabunuh kabisaan di urang, nu akhirna bakal aya pertarosan di diri urang sadaya bakal ngarasaken moal anak incu urang sadaya,atawa bakal nepikeun samet diue?pertarosan nu sesah di waler, hayu atah urang sadaya urang sasarengan nabudayaken jeung ngalestarikeu Budaya nu masih bsa di salametken saacan nu Ti luar nyokot jeng ngaklem budaya Urang sadaya, abdi yakin sadaya masih aya kahoyong kanggo ngalestarikeun supados warisan ieu ka Raoskeun ku anak incu urang...Ieu Catatan mangrupikeun Panggeuing kanggo Sadaya wargi anu masih Paduli kana Budaya Urang, nu harapanna urang tiasa ngamumule atanapi ngalestarikeun budaya anu sakitu penting jeung berharga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar